FBS
Naskah Petingan Naskah Anyar Pangarang
Duhung Pangasihan
Ku Muhammad Shohiba Nu'man
“Taya hartina nya, Nung, méré kembang ayeuna mah. Cumah!” Gerentesna. Kembang pamocélan mugur saranggeumanna. Manéhna tanggah: saangkleung méga nu ngambang; sakeupeul haté nu ngembeng. “Cinta, teu?” Mahéra kungsi nanya satukangeun taktakna. Teu dijawab. Kalah ngayakinkeun yén cinta mah teu perlu dikecapkeun, rarasakeun baé tina polah jeung tanda. “Tanda nu mana? Teu kembang-kembangna acan!” Mahéra ngoréjat, lagu jamedud. Teu ieuh disambat. Hayang manéhna norolangkeun yen cinta mah teu perlu kembang, cinta mah teu perlu duit, cinta mah teu perlu anu, cinta mah teu perlu... Ah, réwu alesan nu laju mudal najan teu kedal. Bati kocapna, “Urang mah teu romantis, Nung! Éra. Siga rumaja baé.” Kari kiwari kaduhungna. Kaduhung manéhna teu ngabohong, ngarah bungah api-api cinta, melak kembang na dadana. “Hampura, Nung! Bongan cinta ngan perlu cinta.” Wakca dumareuda. Yakin ka séwang-séwang pangdéngé alamna. Kembang panyekaran méh minuhan pajaratan. Sahiuk angin lebah tetengger, nganteurkeun panonna ka sabaris aksara --nu isuk-geto, boa pohona.
07 Fébruari 2014 14:45:57
Malingping
Ku Rohendi Pandeglang
Sing keuleuyeung maranggul jala. Harulap, nyalampeurkeun parahu. “Hyang dumampara… béré kula cilaut haneut, salampeurkeun jaring kula ku Sanghyang Sirib Emas. Anteur anak oncuna, pang caricing dina tolombong kula” ngarahuh, tapi galécok, cacahan jeung lambak. Sareupna, arindit, najan teu yakin, moal pinuh wawadahan. “Leusteuin, batan teu nyaratu.” Di wewengkon pasir, gunung, béh elor, saban sareupna, ngarariung dinu wawangunan. Ningker damar. Jagisuk mah giak ka haruma. Paréna baleuneur. Leuit, metet, mahmur. Kalan-kalan pamayang isok ilu ka tonggoh. Ngariung nu cacahan. Majar aya hirup sanggeus ninggal. Ngagerenyem méménta kanu di luhur, mun taram ngagawéan nanaeun. Nu cacahan beuki ka basisir. Ngajak ngaku ngeun ka Gusti Alloh urang ménta jeung nyembah. Unggal jol Mu’alim, haliwu ngarampéskeun. “Mu’alim sumping-mu’alim sumping” najan lalanjung, tapi garetol jasa ngadéngékeun cacahanna. Ditungtungan sing darekul naronggéng nyanghulu barat. “Mu’alim sumping-mu’alim sumping, ma’lingping!” haliwu basa nu ngéslamkeun cunduk. Lajuna mah urang gunung sering ka dinya, ka Malingping. Kamusmini : Harulap=horéam Oncuna=insu Tolombong=wadah lauk Galécok=bacéprot Doang=siga Cacahan=ngobrol Béh elor=bulah kalér Ninggal= maot Nanaeun=nanon Lalanjung=haroréam Jasa=pisan
06 Fébruari 2014 21:19:04
Sareupna Di Tutugan Gunung
Ku Luthfi Izzatul Khairi
Penclut pasir. Peuting kingkin. Ngadaweung na tepas ranggon. Angin humiliwir. Nyelecep, nyimbutan haté nu sumedeng guligah. Ras ka manéhna. Nu kungsi jalir jangji. Jauh tina panyana. "Mending kieu, tingtrim bari nyaliksik diri," haté gumerendeng. Barasat...! Cahaya ngaburinyay. Tuluy nyirorot turun. Lalaunan. Jirimna dibungkus ku nu hurung-hérang. Nanding purnama. "Geus mangsana hidep lunta, Jalu. Geura muru ka tutugan Gunung Pataka!" Handaruan. Geueuman. Saméméh bisa ngajawab. Les, ngaleungit. Ukur biwir nu angger calawak. Hareugeueun. Wanci reup-reupan. Anjog ka hiji lembur. Tutas nurutkeun paréntah nu peuting datang. Bréh, masigit di puseur lembur. Laju asup, seja milu sholat magrib. Molongpong kénéh. Luak-lieuk nungguan. Suwung. Sabot rék takbir. "Saéna mah adan heula, Kang! Teu acan kantos aya nu adan di dieu téh," sora awéwé megat niat. Lieuk. Gebeg. Hiji wanoja dimukena. Teu lila tingtorojol nu lianna. Rupana, dedegna. Kabéh sarimbag. "Resti...," ngembang kadu.
06 Fébruari 2014 06:56:07
Nyonya
Ku Erwin Wahyudi
Reg. Mobil sédan. Jrut. Nyonya badé ngaroris. Gusti...! Aya ku éndah ieu ciciptaan Anjeun. Ti luhur dugi ka handap. Éstu taya cawadeunana. Hurung mancur. Hérang méncrang. Widadari turun ti langit sugan mah. Karék ku ngambeu parpumna, pikiran geus ngacacang ka mana karep. Komo nempo papakéanana mah. Teu weléh ngélég. Ngagoda implengan. Hayang teuing nyuluran Tuan, nu ngapimilik Nyonya beurang jeung peuting. Kajeun teuing saukur sajam ogé. Moal nolak. Mun Nyonya datang. Awak nu leuseuh dumadak jagjag. Sirah nu jangar ogé sok langsung cénghar. Betah neuteupna. Anteb nyérangkeunana. Hanjakal. Nurutkeun taksiran. Ngabangun ieu gedong téh tinggal samingguan deui. Kacipta. Moal nempo deui eundeuk-eundeukanana harigu Nyonya. Katut gitek imbit nu matak uruy. Tada teuing leungiteunana. Kahayang mah sing lila anggeusna téh. Baé. Najan unggal poé loba neureuy ciduh ogé. Rido pisan. "Mana adukan...? Kalah loba ngahuleng satéh...!" Tukangtémbok sesentak. Panonna molotot. Gura-giru ngagalokeun deui semén jeung keusik.
05 Fébruari 2014 22:13:02
TopÉng Uing, TotopÉngan
Ku Nena Cunara
Gap. Rap. Ngan sakilat, salin rupa. Uing, ngengklak. Anteng, maneuh. Di juru. Képrét sodér, gedut, tindak tilu. Ngalagena. Teu hayang ngawaro, séah éar nu lalajo. Peuting ieu. Enya, peuting ieu. Uing kasoran. Capé. Rénghap ranjug madungdungkeun ruruhit diri. Nyumput buni di nu caang. Kését rebab, nyasaak rasa. Peurih...! Beuki peurih...! Bohak kaséblok budah uyah. Guligah. Basa manéh tanggah. Ranggah. Tepak kendang ngageder-geder jajantung. Ngahuru amarah. Uing, sarah jeung cimata! Meunggeus...! Cukup! Réngkak uing, réngkak pamungkas. Katalimbeng. Maca SMS : “Aka, Nanay tos bosen ngimpleng kalangkang salira. Hoyong patepang raray. Diantos, di Taman Mawar!” Meungpeung simpé dikeukeupan indung peuting. Meungpeung wawanén kandel ngadagleg. Cekés. Gur. Ngadak-ngadak mabra. Guyur. Topéng uing, totopéngan. Rénghék. Hangit.
05 Fébruari 2014 21:07:18
(42) Jang Odin & Siih Asih
Ku Godi Suwarna
Buad-baeud. Gegejlig. Putri Nurmaya. Marudah naker. “Kunaon, Néng?” Odin nanya sabot ngaderes kitab. “Durmagati keukeuh. Sakitu tos ditampik!” Nurmaya jejebris. “Ulah ditampik atuh. Ditampi wééé,” Odin nyéréngéh. Tuluy nyengir. Da ceulina disabet jangjang Nyi Putri nu geregeteun. “Durmagati timburuan, Kang! Murang-maring. Ngancam Halimah,” ceuk Nurmaya. Odin ngarénjag. Guligah. Saréna gulinggasahan. Bada tahajud. Odin ngulincer. Ngawas-ngawas bumi Ajengan. Rét ka kamar Halimah. Odin ngahuhuleng. Rus-ras. Pirang-pirang panineungan. Kumalangkang. Bréh. Aya nu ngajuringkang. Naplok dina jandéla. Ngintip tina érang-érang. Odin mulung batu leutik. Dibetrikkeun. “Kurangajar!” Nu keur ngintip ngagurinjal. Luncat kana dahan sawo. Luak-lieuk. “Durmagati..!” Odin cumeluk. Ngabelecet. Ngahaja ngajauhan bumi Ajengan. Durmagati ngabelesat. Ngudag. Jleg. Ngajega hareupeun Odin. Paperong-perong. “Montong ngagunasika Halimah!” Odin teugeug. Durmagati muncereng. “Bongan dia ngarebut bébéné kami!” pokna. Bari nénjrag bumi. Lemah inggeung. Odin oléng. Durmagati narajang. Ger. Tarung patutunggalan. Ragot. Leuwih rarikat tibatan tatit. Patingjorélat. Putri Nurmaya ngajanteng. Samar-samar. Nyérangkeun ti birit lembur. Mangpirang rasa. Pagaliwota.
05 Fébruari 2014 16:38:39
Kasempetan
Ku Bu Nena Hunaenah
Tongsang hideung komprang jantrut luhureun mumuncangan, baju beureum leungeun panjang, sarung réréng sintung jeung karémbong bulao, geus dijagragkeun ti beurang kénéh, sabab rék ngiluan ngamén ibing pencak silat. Bada magrib langsung dangdan, wedak viva, patlot halis, lipstick, kabéh dipoléskeun, pakéan nu geus disayagikeun langsung dipaké, sedot sedot nyisiran, buuk nu gomplok galing muntang dibeungkeut dijucungkeun, kerén euy. Masalahna ceuk suhu rék dimaénkeun pangheulana. Ti kajauhan geus kadéngé sora kendang dungplak-dungplak, kempul kung-kungan, tarompét ngagelik, meni geus teu kuat hayang buru-buru ngaréngkénék. Ku resepna lamun keur lincah-lincahna makalang, carécét dipintelkeun dieusi duit pating belewer. Biasa mun sabalad-baladna kuring geus dimaénkeun sok kumpul ngareureuh ditukangeun layar nu dipindingan ku terpal, bari silih asaan bekel. Tayohna kuring kajongjonan lalajo ibing topéng nepika peuting pisan teu ngagugu pangajak babaturan nu ngajak balik. Pangangguran kuring nguliwed ka lebah pipinding terpal. Remeng-remeng. Anjrit loba nu ting belegbeg dikungkuyung sarung, ari dirérét kahandap sukuna opat-opat. Diparake kasempetan.
05 Fébruari 2014 14:28:50
Sadrah
Ku EMI MARYAMI
Hawar-hawar, ngagelik suling jiga nu ngajak ngahariring. Ngajampéan kalbu nu pinuh ku tatu. Bohak nu gudawang nyésakeun inghak. Céda nu salawasna maneuh jadi bebegig di sapanjang sésa kahirupan. Hirup lir korsél, tapi ayeuna bet asa eureun muntir. Kusiwel, sisir nu mindeng dipaké jang nyisiran buuk anjeun pinuh ku kadeudeuh moal bisa kasungsi deui. “Kuring teu béda jeung rakit nu cicing di parapatan basa bapa nu ngayuga jadi ajag nu neueulkeun hawa nafsuna kana kasucian kuring, tangkal seureuh Mbu nu jadi saksina basa layon kuring dibebeskeun kana jero gentong…” halimun nu cumarita kapaksa nyingray ditiup bayu. Lalaunan ngajul langit. Nyeuseup méga. Ngahontal béntang. Ninggalkeun cimata kuring nu gugupay. Tijauhna, ceuleuyeu anjeun ngawaskeun kuring nu keur digiringkeun ku barudak bari gogonjakan, “Nu gélo anyar… nu gélo anyar…”
05 Fébruari 2014 14:19:39
Ngadu Domba Adu
Ku Deni Riaddy
Jedak! Jedak! Jedak! Tanduk silih adu. Hulu silih teunggar. Gibeg! Awakna ngagibeg. Ngagibrig. Duanana mundur. Ngawahan. Nu surak éak-éakan. Suruduk duanana nyéak. Jedak. Rumpuyuk. Bru! Dogdog ngéar. Nu lalajo saruka-suka. “Aya ku hadé domba téh, Mang. Tah duit lima yuta! Kontan diduitan ku uing nya...” Bro duit sagepok diteundeun dina jukut, ku nu di dudukuy laken. Duit dirérét. Gideug. Domba hadé katangkasan kieu mah moal di murah-maréh. Enya gé dagingna akur jeung domba séjén, da lain ku beuratna naksir domba adu mah. Kukatangkasan dina makalangan. Taktagé taya harga pasaranana. Poé ngagayuh ka beurang. Pakalangan geus coréngcang. Pada ninggalkeun. Gura-giru bébérés. Sup duit panyecep di kana saku calanakeun. Domba ditaékkeun kana colt buntung. Geleser muru lembur. Kudupruk! Teu kurah-karuh domba ngudupruk. Pakalangan gé masih katempo kénéh. Berebey beureum. Leungeun laju nutupan ngocorna getih. Karagap aya nu ngagurinjel lebah igana. Disusud ku curuk. Molongo siga tapak pélor.
05 Fébruari 2014 11:02:00
Ujang
Ku Rini Mayasari
“Dasar bebegig sia mah! Anak ajag! Goblog! Ngala ka cetuk sia!” Nyeri... téh haté Ujang dikitukeun ku Tukang Rakit, pédah meuntas teu mayar. Jeung sulingna katincak nepi ka remuk. Tapi ah, keun baé da teu matak bohak ieuh. Jamak sakitu mah. Ujang ngagerentes, ceg deui kana émbér. Urat dina pigeulang leungeunna ranteng. Tuurna ngeleper. “Mun hayang duit, eusian gentongna sing nepi ka pinuh!” ceuk Mang Sahri. Ujang ngarénghap. Nyusut késang tina tarangna. Ras ka adina nu gering panas. Keukeuh hayangeun tumpak korsél. Ngarénghik ka indungna nu teu walakaya, lumpuh geus sataun. “Apan kudu ku duit, Nyai! Urang mah teu boga sisir potong-potong acan,” ceuk indungna. Sumanget Ujang ngagedur. Ayeuna kudu mawa duit, da ladang ngajual seureuh mah can cukup. Beungeut adina ngolébat deui. “Nyai, jadi tumpak korsél téh.” Ti parapatan kénéh Ujang lumpat. Mawa haté nu bungangang. Anjog ka buruan, Ujang ngaregog. Sora indungna keur nginghak. Barang bus, Ujang ngagoak.
05 Fébruari 2014 10:22:05
Naskah sateuacanna